Numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia
atwa KBBI, kecap “humor” teh ngabogaan dua harti, nyaeta cairan atawa
zat satengah cair dina badan, jeung kamampuan ngarasakeun atawa
ngalenyepan perihal/perkara anu lalucu atawa anu bisa nyenangkeun hate.
Tangtu anu dibahas di dieu lain perkara
cairan tubuh, tapi perkara anu lalucu. Dina kamus bahasa Sunda kecap
“humor” teu kapanggih. Aya kecap anu ampir sarua hartina, nyaeta heureuy
( banyol), kalakuan anu bisa nyenangkeun hate keur diri pribadi, jeung
nu lian. Cenah mah humor nu alus teh humor anu sabadana urang jadi
seuri, bari mikirkeun hakekat humorna, nu dipungkas ku mawas diri
(Achdiat K Mihardja, 1982).
Aya oge anu boga pandangan yen urang
Sunda teh resep humor. Lamun urang Sunda ngumpul, geus pasti bakal
kadenge cakakakna seuri, sabab didinya keur aya heureuy, keur aya
“kasuka-riaan”.
Hirup pinuh ku toleransi, darehdeh someah
hade ka semah, pameunteu marahmay bengras, leuwih sering imut tibatan
sesebred. Pon kitu deui, teu pernah ngalakukeun tindakan sawenang-wenag,
tega culika ka nu lian, tapi cukup ku seuri jeung nyengsurikeun, mun
kadesek dipungkas ku nyeungseurikan katololan sorangan (Utuy T Sontani,
1957).
Tokoh humor paling “beken” nu aya dina
carita di masyarakat Sunda nyaeta Si Kabayan. Tokoh ieu geus jadi harta
batin urang Sunda, geus jadi folklor nu dipikadeudeh ku urang Sunda.
Si Kabayan sering digambarkeun jadi jalma bodo, tapi dina kajadian nusarua, katingali oge kapinteranana. Jadi, aya sifat paradoks dina diri Si Kabayan, malah mah bisa jadi aya sifat dualisme primordial.
Lamun digambarkeun jadi jalma bodo, bakal
jelas bodo pisan saperti dina carita Si Kabayan Ngala Tutut, dianggapna
sawah teh jero pisan, sabab langit katenjo jelas pisan dina herangna
cai sawah. Sanggeus manehna sadar yen sawah teh deet, manehna ngomong
”Eeel da deet”, manehna nyakakak nyeungseurikeun dirina sorangan.
Tokoh sejen aya dina pantun, carita tutur
Sunda, nyaeta Ki Lengser (aya oge nu nyebut Mama Lengser, Mang
Lengser, Ua Lengser). Kecap Lengser sabenerna lain ngaran, tapi
kadudukan (jabatan) di jaman karajaan dina carita eta pantun.
Aya oge tokoh sejen, nyaeta Si Cepot
atawa Astrajingga dina wayang golek Sunda, nu sering ditunggu kunu
lalajo sabab bobodorananan matak nyegerkeun (ngabeberah) hate.
Ngageuhgeuykeun
Si Cepot boga watak sorangan: sering gura
giru nyanggupan, resep ngomomg “gede”, hayang meunang sorangan, rada
cunihin jeung cilimit. Sok sanajan kitu, Si Cepot dikenal wani
ngorbankeun diri keur ngabela anu bener, satia, jeung loba akal (Ajip
Rosidi, 1984).
Humor Sunda ampir teu pernah
nyeungseurikeun kalemahan nu lian, tapi leuwih ditujukeun keur mangrupa
otokritik, nyeungseurikeun kalemahan sorangan.
Dina bahasa Sunda aya kecap ngageuing
jeung ngageuhgeuykeun, duanana ngandung harti kritik. Ngageuing hartina
nganasehatan supaya nu sejen sadar tina kagorengan dirina tug nepi ka
ngarobah diri, ari ngageuhgeuykeun hartina nganasehatan ku jalan humor,
bisa mangrupa nyindir dimana kagorengan jadi bahan gogonjakan
(heureuy), kaasup nu disindir teh urang sorangan (Achdiat K Mihardja,
1982).
Mungkin bae “jero”na humor urang Sunda
teu bisa dilenyepan sautuhna, utamana pikeun urang non-Sunda, malah bisa
jadi bumerang sabab nganggap urang Sunda teh teu pernah bisa daria
(sungguh-sungguh), kaasup dina widang pakasaban. Tah kumaha atuh?



0 ulasan:
Catat Ulasan